Langsung ke konten utama

Postingan

Menampilkan postingan dari September, 2019

I K H L A S

DINA kitab Mukhtasyar Ihya, Syekh Syarafudin Yunus netelakeun,sing saha anu tulus ikhlas dina ngalaksanakeun amal,sanajan teu diniatan,  mangka baris terbukti berkah tina eta amalan, pikeun dirina oge turunanana nepika yaomil akhir. Diriwayatkeun, sakumaha di tulis dina Irsyadul 'Ibad, nalika Adam AS dilungsurkeun ti sawarga ka alam dunya, sato leuweung ka asup Rusa, rabul sowan ngucapkeun salam kawilujengan ka Adam AS anu satuluyna kabeh sato dido'akeun sarta di usap pundukna.  Sapada harita,awak Rusa jadi seungit lir kasturi. Samulangna, salah sahiji tina abrulan Rusa di tanya ku babaturanana anu pareng teu milu sowan ka Adam AS.  "Kuring ngarasa aneh, naon sababna eta awak anjeun jadi seungit kitu?" Mangka dijawab: "Kamari kami tas nepungan kakasih Alloh, Adam AS,  satuluyna dido'akeun bari punduk kami di usap. Awak kami jadi harum kasturi." Ngadenge jawaban kitu baturna jadi kabita,sarta inyana boga karep rek nurutan sowan silaturahmi ka...