Langsung ke konten utama

I K H L A S




DINA kitab Mukhtasyar Ihya, Syekh Syarafudin Yunus netelakeun,sing saha anu tulus ikhlas dina ngalaksanakeun amal,sanajan teu diniatan,  mangka baris terbukti berkah tina eta amalan, pikeun dirina oge turunanana nepika yaomil akhir.

Diriwayatkeun, sakumaha di tulis dina Irsyadul 'Ibad, nalika Adam AS dilungsurkeun ti sawarga ka alam dunya, sato leuweung ka asup Rusa, rabul sowan ngucapkeun salam kawilujengan ka Adam AS anu satuluyna kabeh sato dido'akeun sarta di usap pundukna.  Sapada harita,awak Rusa jadi seungit lir kasturi.

Samulangna, salah sahiji tina abrulan Rusa di tanya ku babaturanana anu pareng teu milu sowan ka Adam AS.  "Kuring ngarasa aneh, naon sababna eta awak anjeun jadi seungit kitu?"
Mangka dijawab: "Kamari kami tas nepungan kakasih Alloh, Adam AS,  satuluyna dido'akeun bari punduk kami di usap. Awak kami jadi harum kasturi."

Ngadenge jawaban kitu baturna jadi kabita,sarta inyana boga karep rek nurutan sowan silaturahmi ka Adam AS supaya manehna oge dido'akeun terus awakna jadi seungit.

Isukna eta Rusa teh indit nepungan Adam AS.  sadatangna dibageakeun,atuh basa mulangna oge didu'akeun bari di usap pundukna. Tapi manehna mah sabada dido'akeun teh teu seungit kawas baturna kamari.

Kajurung ku rasa panasaran manehna tuluy nepungan baturna hayang nanyakeun naha awak manehna mah teu seungit. "Kuring teh tas silaturahmi ti kakasih Alloh, Adam AS,  satuluyna kuring oge dido'akeun bari di usap ieu punduk. Tapi naha kuring mah teu seungit kawas anjeun." Cek eta Rusa kabaturna.

Mangka di jawab: "Ari sababna mah kamari kuring nepungan Adam AS dasarna bener-bener ikhlas lillah seja silaturahmi.  Sehingga kami meunang berkah tina amal kami anu dilaksanakeun kalawan ikhlas. Sedengkeun anjeun datangna silaturahmi nepungan Adam AS alatan kabita hayang awak seungit kawas kami. Niatna teu karana Alloh. Antukna anjeun kuciwa lantaran harepan teu luyu jeung kanyataan. "

Ma'asyiral muslimin!
Hikmah anu tiasa di petik tina hikayat nembe,  wirehna Alloh SWT moal nampi sagala amalan anu teu didadasarn ikhlas karana Alloh.  Saur Syekh Sarafudin Yunus dina kitab Mukhtasyar Ihya, sing saha anu tulus ikhlas ngalaksanakeun amal, sok sanajan teu diniatan, mangka baris terbukti kaberkahanana eta amalan, boh pikeun dirina pon kitu keneh pikeun kulawargana katut turunanana nepika yaomil akhir.

Mudah-mudahan, Alloh maparin rizki kaikhlasan ka urang sadaya tina satiap amalan nu dilaksanakeun, sahingga urang kalebet golongan almukhlisin, tegesna golongan jalma-jalma anu ikhlas.
Allah SWT ngadawuh dina Alquran surah Ali Imran ayat 145,anu pihartoseunana : "Sing saha anu hayang kabagjaan (pahala)  dunya ku Kami baris di bere eta kabagjaan (pahala)  dunya,  pon kitu keneh sing saha anu hayang kabagjaan (pahala) di aherat, ku Kami baris di bere kabagjaan (ganjaran)  di aherat, jeung Kami baris mere balesan ka jalma-jalma anu bersyukur."

Gusti Alloh nandeskeun,pidawuhna dina Alquran surah Al-Bayyinah ayat ka 5, anu pihartoseunana : "Satemena jalma diparentah supaya ibadah ka Gusti Alloh kalayan ikhlas."
Baarakallaahu lii walakum. ***
---Lili Guntur---



Komentar

Postingan populer dari blog ini

Tipu Daya Syetan

      Misi yang di emban syetan adalah mencari teman sebanyak-banyaknya untuk menggoyahkan keimanan seseorang. Godaan-godaan syetan dalam menjerumuskan manusia tersebut bisa berupa dengan cara menyuguhkan segala kesenangan, kenikmatan, kemaksiatan, dan kemunkaran dalam bingkai yang indah menawan. Dengan cara ini manusia diharapkan bisa terseret kedalam “samudra” buatan syetan.             Allah SWT berfiman ; “Sesungguhnya syetan itu hanyalah hendak mengadakan diantaramu permusuhan dan kebencian (lewat) minuman keras dan judi, dan menghalangimu daripada mengingat Allah dan daripada shalat. Oleh sebab itu, belum jugakah kamu mau berpikir?” (QS. Almaidah : 91)             Syetan itu amat pandai menutupi kejahatan dengan kebaikan atau keberuntungan. Sepertihalnya; judi, khamer (minuman keras),dan perjinahan. 1.       Tentang J...

Tentang Khalwat (bertapa)

Jangan sampai salah cara dalam mencari hidayah Allah SWT. Barangkari itulah yang ingin ditegaskan KH.Miftah Fadidl, dalam artikelnya berjudul “Aliran Sesat” (Pikiran Rakyat,edisi 7 Juni 2012) terkait larangan bertapa.             Beliau mengatakan, ibadah yang dianjurkan untuk mendekatkan diri (taqarrub) kepada Allah SWT dapat melalui saum, tahajud, dzikir, dan membaca al-Qur’an. Justru ketika bertapa,kata beliau, syetan akan lebih mudah masuk.             Ma’asyiral muslimin, ketika Nabi SAW dirundung malang, beliau mencari pencerahan batin dengan cara bertapa atau khalwat (menyepi) di Goa Hiro. Hal itu dilakukannya selama kurang lebih empat tahun disela-sela kesibukannya mengurus bisnis perdagangan bersama Siti Khodijah,istrinya, hingga akhirnya beliau mendapatkan wahyu illahi melalui perantaraan malaikat Jibril.Demikian halnya Nabi Musa AS, beliau mendapat sepul...

Ikhlas

Ikhlas dalam beramal merupakan hal penting yang harus kita usahakan dan kita laksanakan. Karena tanpa ikhlas, amalan sebesar apapun tidak ada artinya dihadapan Allah SWT.             “Barang siapa menghendaki pahala dunia, niscaya Kami berikan kepadanya pahala dunia itu., dan barang siapa menghendaki pahala akherat, Kami berikan pula kepadanya (pahala)akherat itu. Dan Kami akan memberi balasan kepada orang-orang yang bersyukur.” (QS. Ali Imran: 145) Alkisah, sepulang menunaikan ibadah haji, Muhammad Jamal sungguh merasa sudah memiliki kelebihan. Selain menyandang gelar haji, juga cukup bertambah ilmu pengetahuannya. Selama di Mekah dan Madinah ia sering menghadiri majelis ta’lim. Ikut mendengarkan berbagai uraian para syekh di tanah suci. Sesekali ikut bertanya atau berkomentar sehingga ilmu pengetahuannya mengenai agama Islam semakin bertambah. Maka begitu tiba di tanah air, Muhammad Jamal berniat segera mengamalka...